B.sunda :: Pidato

6/19/2011 02:22:00 AM

Pidato

CITA-CITA IBU KARTINI WARISAN BANGSA KANGGO KAUM ISTRI

Assalamualaikum wrwb.,
Anu dipika hormat Bapak sareng Ibu guru,..
Anu dipika nyaah sakabeh siswa,

Puja sareng puji urang sanggakeun ka Gusti Allah SWT anu atos masihan sadaya rahmat sareng hidayah-Na, ku kituna urang kabéh bisa ngariung ditempat ieu.
Dina kasempetan ieu kuring hoyong nepikeun cita-cita ibu Kartini dina ngamajukeun kahirupan kaum wanoja Indonésia, sahubungan nembe urang sadaya mieling poe Kartini.

Bapa/Ibu guru serta rérencangan anu dipika hormat,
Perjuangan sareng cita-cita ibu Kartini nepi ka ayeuna teu acan lekasan.  Kaum wanoja Indonésia loba kénéh anu teu acan meunangkeun hak-haknya minangka warga nagara. Di pilemburan wanoja kurang dihargai, henteu nampa kasempetan diajar saluhur-luhurna.  Wanoja mindeng dijadikeun korban kekerasan ku kaum lalaki sarta diperlakukan telenges. Posisi wanoja di pilemburan éstuning laér ti harepan Ibu Kartini.
Di perkotaan, kaum wanoja anu geus meunangkeun hak-hakna, geus disajajarkeun jeung lalaki malah   poho ka kodratna minangka wanoja. Acukan sareng polah laér ti sipat-sipat kewanitaan anu sakuduna jadi  teladan minangka ibu.

Bapa/Ibu guru serta rérencangan anu dipika hormat,
Tahun demi tahun urang sadayana  miéling poé Kartini. Perayaan poé Kartini ngan dijadikeun acara tanpa harti. Urang makna  perjuangan ibu Kartini. Urang sakuduna sadar yén cita-cita Kartini lain ngan persamaan Génder. Cita-cita Kartini hoyong  ngajadikeun wanoja Indonésia ngabogaan harga diri minangka wanoja luyu kodratnya sarta jadi teladan pikeun barudakna.
Kuring ngajak urang kabéh pikeun diajar deui harti " Habis Gelap Terbitlah Terang",  anu mangrupi harepan sarta cita-cita ibu Kartini dina saban perayaan poé Kartini, supados kaum wanoja Indonesia janten Kartini-Kartini harapan bangsa.

Kitu anu tiasa kuring dugikeun, kuring mohon dihampunteun  dina sadayaning kalepatan upami dina penyampaian ieu seeur kasalahan.
Wabilahi taufik wal hidayah …. Wassalamualaikum wrwb.,

You Might Also Like

0 komentar

Cari Blog Ini